Makalah Basa Sunda Pedaran

 

KECAP PANGANTEUR

 

Alhamdulillah, puji sinareng sukur panulis panjatkeun ka hadirat Allah S.W.T, nu parantos maparin sagala nikmat sarta limpahan rahmat jeung karunia-na, dugi dina danget ieu panulis tiasa ngaréngsékeun ieu laporan nu judulna nyaeta (Nyusun Rangkai Karangan Pedaran Tradisi Sunda)

Laporan ieu disusun pikeun ngalakonan salah sala sahiji pancen kelompok dina mata pelajaran "Basa Sunda". Panulis sadar yén ieu laporan téh masih seueur kakirangan-na boh tina segi panyajian atawa tina segi eusina.

Ku kituna simkuring ngahaturkeun kritik sareng saran-na pikeun ngembangkeun ieu karya tulis.

Ahir kata, panulis ngan ukur tiasa ngaharepkeun mudah-mudahan ieu karya tulis / laporan (judul) ngabogaan mangpaat hususna pikeun panulis sorangan sareng umumna pikeun sakumna pamaca sadayana.

 

Sukabumi, 03 September 2023

 

Kelompok 5

 

  

DAFTAR EUSI

 

PANGANTEUR........................................................................................................... i

DAFTAR EUSI............................................................................................................ ii

BAB 1

BUBUKA

A. KASANG TUKANG...............................................................................................1

WATESAN MASALAH............................................................................................. 1

MAKSUD JEUNG TUJUAN.......................................................................................1

 

BAB II

PEMBAHASAN

A. pengertian pedaran................................................... ................................................2

B. Tujuan Pedaran..........................................................................................................2

C. Conto Pedaran Basa Sunda........................................................................................3

BAB III

PENUTUP......................................................................................................................5

Kesimpulan.....................................................................................................................5

DAFTAR PUSTAKA.....................................................................................................6


BAB 1

BUBUKA

 

A. KASANG TUKANG

Pedaran dina basa Indonésia disebut ogé Eksposisi, nyaéta wacana nu eusina ngajéntrékeun tur medar hiji objék, prosésna, tujuanana jeung gunana. Salah sahiji conto pedaran nyaéta kasenian daérah. Indonésia téh kaasup negri anu beunghar ku budaya, hususna budaya daérah, saban sélér bangsa, anu nyicingan rébuan pulo di Indonésia, mibanda kabudayaan séwang-séwangan. Naon ari kasenian daérah téh? Tangtu baé, kasenian anu lahir sarta hirup di daérah.

Ieu kasenian téh perlu diipuk jeung di mekarkeun lantaran mangrupa salah sahiji kakayaan bangsa. Kasenian daérah anu hirup, dipikawanoh, tur dipikaresep ku sélér bangsa kabéh, sarta anu nyiptakeunana disebut kasenian nasional. Jadi, kasenian daérah téh mangrupa unsur pangwangun kasenian nasional.

B. TUJUAN

Tujuan di jieun na makalah iyeu nyaeta supaya siswa ngarti kumaha cara Menyebutkeun Unsur-Unsur Basa Dina Pedaran Tradisi Sunda.

 

BAB II

EUSI

 

A. Pengertian Pedaran

Pedaran nyaéta wacana nu eusina ngajéntrékeun tur medar hiji objék, prosésna, tujuanana jeung gunana.

Budaya sunda nyaéta hasil tina pola kagiatan urang sunda anu geus mangtaun-taun sarta geus jadi hiji kabiasaan dina diri urang sunda contona upacara adat meuleum harupat, ngenyang bakakak, jsb.

Jadi bisa disimpulkeun pedaran budaya sunda nyaéta wacana nu eusina ngajéntrékeun tur medarkeun pola kagiatan anu geus mangtaun taun sarta jadi hiji kabiasaan dina diri urang sunda boh dina segi proses na jeung tujuanna. Salah sahiji conto pedaran budaya sunda nyaéta kadaharan khas sunda.

Peredaran dina basa Indonésia ogé bisa disebut éksposisi. Téks ékspositoris nya éta wangun karangan prosa anu ngadéskripsikeun hiji hal atawa masalah sacara ilmiah, jelas, akurat, jeung singget. Tujuanana pikeun méré informasi jeung wawasan ka nu maca.

Kawas téks éksposisi, wacana sirkular sipatna ilmiah jeung non-fiksi. Pikeun ngajelaskeun presentasi, tulisan bisa ditambahkeun jeung data akurat kayaning peta, statistik, conto, rencana, poto, grafik atawa diagram.

Inpormasi sareng pangaweruh anu ditepikeun sacara jelas, singget sareng singget tiasa nambihan wawasan sareng pamahaman anu maca. Sangkan nu maca sigana bisa ngarasa, ningali, ngadenge, atawa ngambeu sakumaha anu kaalaman ku pangarang.

B. Unsur-unsur Pedaran

Pedaran dina bahasa indonesia disebut ogé eksposisi, nyaeta wacana nu eusina ngajentrekeun tur medar hiji objek, prosesna, tujuan jeung gunana.

Unsur-unsur penting nu kudu aya di hiji pedaran diantarana: 
 1. Naon
    Unsur panaros naon fungsina nyaeta naroskeun hiji kaayaan atau kaadaan hiji kajadian 
 2. Dimana 
    Unsur panaros dimana nyaeta kanggo naroskeun tempat kajadian atawa tempat sesuatu hal.  
 3. Iraha

    Unsur panaros iraha ungsina nyaeta kanggo naroskeun waktos dilaksanakeuna hiji kagiatan/acara jeung    
    sajabana

4. Kunaon

    Unsur panaros kunaon ungsina nyaeta kanggo naroskeun alasan dilaksanakeuna hiji kagiatan

5.  Kumaha

    Unsur panaros kumaha nyaeta kanggo naroskeun cara ngelaksanakeun hiji kagiatan

6. Saha

     Unsur panaros saha ungsina nyaeta kanggo naroskeun jalma nu terlibat dina hiji kagiatan/acara jeung    
     sajabana 

Aya rupa-rupa teknik nu bisa dipake pikeun ngadamel wacan apedaran :

·       1.  Identiikasi

·       2.  Babandingan

·       3.  Ilustrasi

·       4.   Klasifikasi

·       5.   Difinisi

·       6.   Proses

 

        C. Conto Pedaran Basa Sunda

1. Pedaran Kurupuk

Kurupuk mangrupa sala sahiji jenis kadaharan jajanan nu ilahar aya di warung. Najan kitu, di sababaraha wewengkon, utamana di Tatar Sunda, kurupuk biasa dijadikeun batur dahar, boh dahar sangu atawa dahareun beurat séjénna (hucap, baso, lotek, jsb).

Bahan dasar kurupuk biasana sabangsaning tipung nu diadon jeung cai tur bungbu atawa rasa nu dipikahayang nepi ka dalit, diseupan, tuluy ditiiskeun. Bahan satengah jadi ieu tuluy dipotongan atawa dicitak sakumaha bentuk nu dipikahayang (buleud, rungga-renggi, atawa kotak), digaringkeun pikeun engkéna digoréng maké lisah kalapa atawa disangray.

2. Pedaran Papais

Papais nya èta hiji kadaharan nu dijieuna tina tipung bèas. Papais aya nu asin jeung aya ogé nu semu amis. Papais asin mah biasana tara aya eusian, tapi papais nu teu amis teuing, mung semu amis mah di tengah-tengah papaisna sok aya potongan cau, biasana mah cau nangka atawa cau sejenna gè sok dianggo. Terus ditèmpèlan daun pandan saeutik ditengahna, nu ngajadikeun seungit kana papaisna.

Papais sok disuguhkeun dina acara-acara raramèan, sapertos hajat nikah, nyunatan, tahlilan, muludan, rajaban, jsb. Tapi sok aya ogè nu ngajual èta kadaharan téh utamana di pilemburan.

3. Pedaran Rujak

Rujak nya éta kadaharan lada nu dijieun tina rupa-rupa bungbuahan ngora atawa beubeutian. Bungbuahan jeung beubeutian nu dijieun rujak biasana tina buah ngora, kayaning balingbing, bangkuang, jsb.

Nyieunna rujak kawilang babari. Rupa-rupa bahan nu disebut di luhur dikeureutan. Bungbuna kayaning asem, cengek, cabe, jeung gula beureum diréndos dina coét. Rujak kawas kieu disebut rujak uleg.

Ilaharna di dahar pabeubeurang babarengan. Aya ogé rujak nu ngahaja dijieun dina acara husus anu disebutna babarit, rujakna disebut rujak kanistren. Aya ogé rujak anu bungbu, bungbuahan, jeung beubeutian dibeubeuk babarengan, disebutna rujak beubeuk.

4. Pedaran Karédok

Karédok mangrupakeun kadaharan khas Sunda anu bahan-bahan na tina sabangsaning bonteng, engkol, kacang panyang, surawung, toge, jeng terong, sedengkeun sambelna tina bahan cengek, suuk, muncang, asem, gula anu di renos dina coét, sakabéh bahan dihijikeun.

5. Pedaran Peuyeum Bandung

Peuyeum nya éta kadaharan khas ti bandung, nu dijieun tina sampeu atawa béas ketan. Cara ngolahna di seupan tuluy di ragian sangges kitu di bungkusan ku daun waru atawa daun tisuk.

Lamun peuyeum ketan biasana mah di bungkusan ku daun muncang atawa daun hangasa, tuluy di simpen kira-kira dya poé. Raos di daharna dina wanci panas atawa tengah poé.

BAB III

PENUTUP

 

A. KESIMPULAN

Pedaran dina basa Indonésia disebut ogé Eksposisi, nyaéta wacana nu eusina ngajéntrékeun tur medar hiji objék, prosésna, tujuanana jeung gunana. Salah sahiji conto pedaran nyaéta kasenian daérah. Indonésia téh kaasup negri anu beunghar ku budaya, hususna budaya daérah, saban sélér bangsa, anu nyicingan rébuan pulo di Indonésia, mibanda kabudayaan séwang-séwangan. Naon ari kasenian daérah téh? Tangtu baé, kasenian anu lahir sarta hirup di daérah.

Kawas téks éksposisi, wacana sirkular sipatna ilmiah jeung non-fiksi. Pikeun ngajelaskeun presentasi, tulisan bisa ditambahkeun jeung data akurat kayaning peta, statistik, conto, rencana, poto, grafik atawa diagram.

B. Saran

Inpormasi sareng pangaweruh anu ditepikeun sacara jelas, singget sareng singget tiasa nambihan wawasan sareng pamahaman anu maca. Sangkan nu maca sigana bisa ngarasa, ningali, ngadenge, atawa ngambeu sakumaha anu kaalaman ku pangarang.

 

  

DAFTAR PUSTAKA

 

https://basasunda.com/contoh-pedaran-bahasa-sunda/

http://nurainilailasari.blogspot.com/2017/02/unsur-unsur-pedaran.html

 


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Makalah Basa Sunda Siraman

Makalah Basa Sunda Lengseran

Makalah Basa Sunda Sungkeman